:

2 Samuel 6

1

Daud mepek deui balad, prajurit-prajurit beunang meting ti Israil, aya 30.000 jelema.

2

Tuluy dicandak ka Baala Yuda, rek nyandak Peti Perjangjian Allah paranti nyambat jenengan PANGERAN Nu Maha Kawasa, anu linggih saluhureun mukarabin.

3

Peti teh diangkat ti imah Abinadab di luhur pasir, dimuatkeun kana padati weuteuh, dikawal ku Usa jeung Ahio, anak-anak Abinadab.

4

Ahio leumpangna heulaeun Peti.

5

Sapanjang jalan Daud jeung urang Israil kakawihan bari igel-igelan, tanda ngagungkeun ka PANGERAN, dipirig ku sora kacapi, gambus, terebang, kenong jeung kecrek.

6

Barang daratang ka tempat ngirik bogana Nakon, sapi anu narik padati teh labuh ngarampeol. Petina ku Usa gancang disangga ku leungeunna.

7

Tapi GUSTI Allah jadi wera ka Usa dumeh gagabah henteu hormat. Usa maot di dinya keneh gigireun Peti Perjangjian.

8

Nu matak ti harita eta tempat dingaranan Peres Usa. Daud ngangres manahna ningali Allah sakitu benduna ka Usa.

9

Sarta Daud jadi sieuneun ku PANGERAN, nyaur sajeroning manah, "Ari kieu mah kumaha rek datangna ka aing ieu Peti Perjangjian teh?"

10

Geus kitu anjeunna gilig, Peti teh moal tulus dicandak ka Yerusalem. Ku anjeunna disimpangkeun ka imah Obed Edom, asli urang Gat.

11

Meunang tilu bulan ayana di dinya. Sajeroning kitu Obed Edom saeusi imahna meunang berkah ti PANGERAN.

12

Aya anu nguninga ka Daud, yen sanggeus Obed Edom kacicingan ku Peti Perjangjian Allah saeusi imahna jadi meunang berkah ti PANGERAN. Seug Peti teh ku anjeunna dicandak ti imah Obed Edom, dicandak ka Yerusalem bari dirame-rame.

13

Sanggeus digotongna meunang genep lengkah ku Daud dieureunkeun heula, sarta anjeunna meuncit sapi jalu hiji jeung anak sapi kabiri hiji, dikurbankeun ka PANGERAN.

14

Geus kitu Daud ngigel kacida sumangetna, ngahormat ka Pangeran. Harita anjeunna ngan nganggo sarung pondok tina lenen, dibeulitkeun dina angkengna.

15

Kitu cara anjeunna jeung sabangsa Israil nyandak eta Peti Perjangjian ka Yerusalem, bari salusurakan dibarung ku sora tarompet.

16

Sanggeus eta Peti dibawa asup ka jero kota, Mikal binti Saul nempo tina jandela. Katingalieun Raja Daud keur igel-igelan ajrug-ajrugan kakalayangan kukurilingan. Mikal jadi cua manahna.

17

Sup Peti teh dipernahkeun di jero hiji kemah beunang Daud ngahaja nyayagikeun pikeun eta kaperluan. Ti dinya anjeunna nyanggakeun kurban beuleuman jeung kurban panarima ka PANGERAN.

18

Sabada ngahaturkeun kurban-kurban, Daud ngucapkeun berkah kalawan nyebat pajenengan PANGERAN Nu Maha Kawasa.

19

Ti dinya jelema-jelema urang Israil teh, lalaki awewe dibaragi kadaharan. Unggal jelema roti sasiki, panggang daging sakeureut jeung kismis sababaraha guruntul. Geus kitu jelema-jelema teh baralik.

20

Daud oge mulih ka bumi seja mendakan putra garwa. Mikal kaluar mapagkeun bari sasauran kieu, "Dinten ieu raja Israil parantos ngamashurkeun salira ku anjeun! Anjeunna parantos ditaranjang sapertos nu owah, teu aya kalingsem di hareupeun emban-emban para ponggawa karaton!"

21

Daud ngawaler, "Igel-igelan soteh tanda ngagungkeun ka PANGERAN, anu geus ngersakeun Engkang ngagentos tuang rama sapala putra, jadi raja nyangking Israil. Ari tujuanana ngagungkeun PANGERAN mah daek bae masing kudu ajrug-ajrugan terus oge,

22

jeung moal era-era ngapeskeun maneh leuwih ti kitu. Ceuk Nyai nista soteh, ari ceuk anggapan emban-emban mah malah mulya."

23

Nepi ka pupusna ge Mikal binti Saul mah teu kagungan putra.

Link: